Sajak-Sajak Prayoga Adiwisastra
PANDAN
Satutas sapeuting jeput dirungrum rangkulan hujan,
beueus kekecapan renung dina paroman pandan.
Sedeng urat-uratna terus manjangkeun katineung,
basa sora sit uncuing nguniangkeun kakeueung.
Aya nu ngalangkang dina genclang ibun, jeung hujan
: ramo-ramo salira nu leukeun metikan daun pandan.
Tuluy lalaunan ibun milepas muru langit pangiuhan,
kawas sukma salira nu diseuseup kalanggengan.
Karasa keclak cimata dipedar langit haleungheum,
keclak-keclakna maseuhan sagunduk taneuh beureum.
Bet kaambung nyambuang seungit daun pandan,
sabot rupaning rampé diawurkeun kana kuburan.
2013
(Dimuat dina Tabloid Galura Taun 2014)
KAYAMBANG
Teuing ku sok barieukeun.
Léngkah diulinkeun gupay deungeun.
Kayambang angkleung-angkleungan,
nunutur riak wahangan.
Antara parung kangungun,
jeung babantar nu alum,
kalah tangtungan umpal-umpalan
disimbeuhan ungkara karémpan.
Nu kapalidkeun umpalan,
biheung deui héman mulang.
Kayambang angkleung-angkleungan,
kabandang muntir ulekan.
2013
(Dimuat dina Tabloid Galura Taun 2014)
PANGGUNG
Aya nu ngolébat rerencepan,
luhureun panggung nu parongpong,
ngalalakonkeun carita sempalan
tina galur takdir nu kari sapotong.
Sepi lir aktor utama nu ngalalakon
lebah adegan puncak sajak,
laju ngaharéwos halon:
aya mangsana takdir urang disasaak.
Horéng panggung ukur pangreureuhan
antara pirang-pirang lalakon sempalan,
turta genclang cipanon nu ngembeng
dina kalang takdir nu langgeng.
2014
(Dimuat dina Majalah Manglé No. 2499)
Dina layar nu samar-samar,
taya deui nu kudu jadi kakelar.
Paguneman urang sakadar imaji,
meuraykeun jarak jeung wanci.
Kolase lir waktu nu getas.
Boa anjeun narcissus nu melang
kalangkang lalaunan tuluy laas
mangsa talaga teu deui ngagenclang.
Sedeng anjeun terus tumanya
ka manéhna nu paromanna sakarupa.
Sedeng anjeun terus tumanya,
tapi manéhna teu nyarita.
2014
(Dimuat dina Majalah Manglé No. 2499)
ORIGAMI
Padahal sakadar nilepan kertas
jadi rarangka manuk kirigami.
Tuluy nyipta-nyipta sajodo japati
eunteup dina dahan mangsa lawas.
Tapi jangjangna regas lalaunan.
Laju sadrah diulinkeun hiuk angin.
Horéng sajarah sakadar wangwangan
nu dirakrak mirupa origami.
Naon deui nu kudu jadi kawaas
salian ti samarna ilusi?
Mangsa lawas nu ngayakas
salawasna moal mulang deui.
2014
(Dimuat dina Majalah Manglé No. 2499)
GRAMOFON
: Syiria
Di antara ruruntuk kota,
ukur hiji gramofon nu nyésa.
Kawas harepan nu jadi
pamuntangan hiji-hijina.
Di juru kamar, kapireng musik
terus héman ngagalindeng.
Lagu gambus jeung hadroh
nu nyamunikeun kakeueung.
“Di dieu, Abi, kaadilan sakadar
lapar nu diganjel ku sagelas sabar.”
Dina ranjang nu regas,
hiji lalaki masih neuteup
témbok kamar nu burakrakan.
Kawas suku jeung peujit mayit
nu arucutan di sisi jalan.
Boa taya nu percaya, dua poé ti harita,
taya nu bisa nepungan manéhna.
2019
(Dimuat dina Majalah Manglé No. 2763 Edisi 2-8 Januari 2020)
SISYPHUS
Manéhna nyunyurung batu
ka mumunggang gunung,
saméméh digulutukkeun,
ngagiles taneuh di landeuh.
(Lir anak ucing
nu latihan, ngulinkeun
bola di buruan)
Sabab manéhna percaya,
mangsa geus sawawa,
manusa baris silih giles
jeung sasamana.
(Manéhna terus nyunyurung batu)
2019
(Dimuat dina Majalah Manglé No. 2763 Edisi 2-8 Januari 2020)
Post a Comment