Sajak-Sajak Ari Andriansyah

 


Child of Visoon, Iezalel Williams

 

Jarum Jam

Tiktek jarum jam ketug jajantung

simpé jeung haté lawung dina liwung.

 

Angka-angka demit poé-poé pamit

saban detik saban harepan nu leungit.

 

Rénghap waktu nungtut mungkur

sadami-sadami napas madakeun umur.

 

2008

 

 

Milang Mangsa

Handapeun akasia langit katiga

usum geus lawas leungiteun sora.

 

Norah kadar opat madhab pilihan

kalima pancer lalakon wowotan.

 

Salambar demi salambar mangsa

milang harepan dina pugur akasia.

 

2008

 

 

Tanda Baca

Sakur bangbaluh nu dipireukeun

dirandegan ku koma jeung peun.

 

Kudu balaka atawa lana disidem

pananya marojéngja angen-angen.

 

Tapi nu saréh wakca ukur cimata

dikekentengan lara jeung bagja.

 

2008

 

 

Angin Katiga

Nu ngoléab ukur banusan waktu

nyésakeun lémpoh lungsarna batu.

 

Garung walungan maragatkeun riak

ngalangkang beungeut langit haropak.

 

Méga ngaraas tonggong leuwi taréngtong

ngarayapan iga usum nu beuki rangkebong.

 

2008

 

 

Sésa Panén

Wuwuh nu nyésa ukur kebekan rahuh

sabada lalampahan diirik kasadrahan.

 

Bangsal hapa jeung bacacarna jajaba

ngalidigan satampah rorogan héman.

 

Seunggah mitembeyan melak impian

harepan kari turiang tutunggul kalbu.

 

2008

 

 

Tina Jandéla

Lalaunan rérégan jandéla disingraykeun

teuteup bulan pias lana némbongan deui.

 

Tulak jandéla dilaan dina gerit nu sasari

hiliwir angin ngusapan pérang hanjuang.

 

Tuluy muka jandéla ditunjel sina ngeblak

bréh rentul tutunggul landes mideuheus.

 

2008

 

 

Kamalir Takdir

Umaing ngagulidag saparat mangsa

palid kairid nasib ngoléabkeun rasa.

 

Umangkeuh humilir tinemu muara

najan séah nerebkeun nu kapibanda.

 

Nuncal ulekan nunjang umpalan.

ngaléngléong dina kamalir takdir.

 

2008

 

 

Sabuku Hirup

Sakaca-sakaca kekecapan ngababakan

kalimah sadrah ngalelemah piimaheun.

 

Salambar-salambar kajembaran bumetah

dirarangkénan saweuy hadé jeung goréng.

 

Sabuku hirup carang jeung réképna catetan

laju ngabaladah deui pindah pangumbaraan.

 

2008

 

ARI ANDRIANSYAH, pituin urang Arjasari, Kab. Bandung, lahir 18 Januari 1988. Bukuna nu geus medal nyaéta kumpulan sajak Léngkah (2016) jeung kumpulan fiksimini Hégak (2017). Sapopoéna mancén gawé jadi Guru Basa Sunda SMAN Jatinangor, Kab. Sumedang.

No comments

Powered by Blogger.