Carpon Gambar

SANGGEUS saurang-saurang babaturanana ti heula mulang, sanggeus cacap ulin silih udag jeung lambak, Adim maneuh nyorangan. Diuk bari nangkeup tuur luhur kikisik, sisi ruruntuk parahu nu beuki lapuk ku waktu. Kalangenan balik ti sakola tara buru-buru mulang ka imah, kalah ngadon ulin jeung waruga tanjung. Taya bosenna ngumbar wangwangan. Nyacapkeun sakabéhna nu kungsi jeung hamo deui kapibanda.

Celong panon tina paroman kucelna neuteup jauh, meuntasan kikiruh Basisir Kalér. Sakapeung nyureng nunutur halonna umpalan ombak. Sakapeung tanggah nyawang sabubuhan camar dina wiruna langit nu kebat biheung ka mana. Ngemat jangjang ka wétankeun, bareng jeung lambaran-lambaran méga nu ngayang kasiring hiurna angin.

Rét ka tebéh kulon, kana jajaran tangkal kalapa nu paselang jeung katapang. Bangun mager sapanjangna basisir. Rét deui satukangeunana, ngalelebah perenah imahna. Di antara runggunuk suhunan imah nu sawaréhna ancal-ancalan manjang nepi ka bédéng-bédéng teriplék. Teu anggang ti dinya, katangén séng saung lélang nyambung ka lebah Pasar Minggu.

Mun pareng bapana jeung lanceukna hanjat ka darat poéan pasar, nya ka tempat lélang Adim sok remen diajak. Ngajual lauk hasil babatén mayang. Teu poho méméhna misahkeun heula bandeng karesepna. “Yeuh, Akang mawa sababaraha siki, ké peuting urang beuleum.” ceuk lanceukna, bari terus nungtun ka pasar mangmeulikeun cocooan atawa baju.

Ngarahuh. Kalangkang kumalangkang, kakalangkangan. Teuteupna dipangpéngkeun deui ka jauhna, kana rapangna bagang-bagang pamayang katut parahu-parahu leutik nu karék miang jeung mulang mayang. Adim teu pupuguh curinghak, cengkat tina pangdiukan. Lenga-lengo, nyidik-nyidik sugan jeung sugan lanceukna aya di antara parahu nu datang. Sanggeus sidik lain ringkang nu didagoan, gék deui di tempat nu tadi. Laju ngaliarkeun deui teuteupan.

Di jauhna, célak-celak Karang Méja ngajega di tengah tanjung. Ras deui ka lanceukna. Mun bapana boga parahu kénéh jeung mun lanceukna aya kénéh, meureun bakal remen ulin ka dinya kawas harita ngadon kokojayan, teuteuleuman. Lian ti pasirna putih, caina gé hérang jeung déét. Tapi, parahuna geus lawas digadékeun.

Geus parat neuteup sakabéhna, ngarénghap panjang. Topi katut saragam leuseuhna katangén beuki belél kapentrang panonpoé. Leuwih belél batan warna bandéra nu ngélébét dina tihang di tengah lapang sakolana. Sedeng sapasang sapatu nu beulah katuhuna méh calangap satia nilam pangdiukan.

Kusiwel kana kantong akodna nu masih kénéh ngadaplok dina tonggong. Sérélék metot selétingna. Gap kana buku gambar jeung patlot, lalaunan dibuka dina lahunan. Diteuteup salila-lila. Ngahuleng. Ngararasakeun hiurna angin tanjung. Angin nu satia jadi batur, angin nu lana nungtun léngkahna sangkan datang deui ka dieu, angin nu remen ngusapan sakabéh guligah jeung harepanana. Kawas usap deudeuh lanceukna nu lunta méméh ilang dua taun katukang. Kawas usap Guru Ida nu sok nawajuhan di kelas, nu sok muji kana gambar-gambarna.

“Lian ti pinter, Adim ogé alus ngagambarna. Resep Ibu mah kana gambar-gambar Adim téh, pangaalusna wé di kelas mah. Sing terus suhud diajarna, sakeudeung deui kapan téréh naék ka kelas lima...” sora deudeuh Guru Ida, sora nu nguatan sumangetna.

Enya, da ngan Guru Ida hiji-hijina nu kiwari sok remen ngusapan bari ngupahan lamun manéhna ceurik alatan meunang panghina. Panghina nu banget teu ngarti, ku naon maneuh nyacampah dirina ku ungkara nu sarua, “Dasar sia mah anak janggol! Tumpakan tuh indung sia!”

Keur aya kénéh lanceukna, tara ieuh aya nu wani ngahina. Malah mun aya nu sindir-sampir, lanceukna nu pangheulana singkil ngagidir. Bélaan galungan jeung saha baé nu cucunggah. Tapi, kiwari sanggeus taya lanceukna, asa beuki remen ngalaman kanyerian. Mun geus kitu karasa beuki nunggelis. Inget deui ka lanceukna, sono temen hayang panggih. Nu pamustunganana, léngkahna datang deui ka sisi basisir. Nganti-nganti nu ngaronghéap mulang ti tengah laut.

Kungsi nanyakeun langsung ka bapana perkara lanceukna iraha mulang, tapi bapana kalah maneuh ngajawab, “Tong nanyakeun baé Si Adun. Lanceuk sia téh mangkat jauh, moal balik deui!”

Nyoba-nyoba nanyakeun perkara nu sarua ka indungna, jawabanana kalah teugeug, “Bérod siah, teu kadéngé ku jejewir jawaban bapa sia bieu?”

Geus kitu, Adim kalah terus murungkut. Tepung jeung lanceukna ukur dijugjugan ku lamunan. Manjang ti peuting ka peuting dina impian.

Sedeng ngeunaan ungkara panghina balaréa tara wani ditanyakeun. Ongkoh geus jangji ka lanceukna, perkara éta moal betus ka sasaha. Remen lanceukna ngomat-ngomatan, “Tong mangkel komo mangloh. Alukan Adim kudu jangji, omat tong bébéja ka Ema jeung Bapa ngeunaan omongan batur. Cukup ku nyaho, yén saéstuna Adim téh adi Akang, budak Ema jeung Bapa...”

Sakabéh adegan tina leunjeuran katineung nu kungsi karandapan bangun ngahaja sina lana narémbongan. Sina ngalangkang dina ingetan. Dibayangkeun deui, laju dibayangkeun deui saban nyorangan nyorang poé-poé jeung karémpan. Kawas adegan peuting harita, peuting pikeun panungtungan ngadéngé sora lanceukna.

Lanceukna lunta sanggeus paséa rongkah jeung kolotna. Teu pati écés paherengna. Adim nu peupeureuman, ukur ngaringkuk diharudum sarung di juru kamar. Ngan kadéngé kalimah lanceukna panungtungan bari ngajablogkeun panto, “Aing geus bosén ningali Ema jeung Apa paséa baé masualkeun Si Adim! Jeung deuih, tong nyabit-nyabit nasib aing jeung Si Imas. Geus kadarna jodo aing dipegatkeun ku kolot sorangan!”

Ti dinya, lanceukna teu balik-balik, bangun ngabaruang manéh tina kanyerian kolotna. Béja nu katampa ti Mang Junta, cenah lanceukna milu lampar ngalaut jeung Ki Sukri. Di tengah balayar keuna ku buntut teduh nu meneran notog pisan kana parahuna. Laju kagulung motahna ombak. Karek isukna sanggeus hujan angin raat, sababaraha urang nyusulan ka lebah parahuna carem. Tapi, lapur balikna laléngoh, teu kapanggih bangké-bangkéna acan.

Kungsi boga niat hayang nyusul lanceukna, malah pareng poé peré sakola susulumputan ti kolotna. Luluasan milu mayang ka Mang Junta. Geus nepi ka tengah, lain mantuan masang-masangkeun jaring, kalah ngalangeu dina caruk parahu. Laju luncat ngadon teuleum. Mun teu padanulungan, lapur ngabugang. Sanggeus dihanjatkeun kana lunas padanyarékan, “Nanaonan ari sia kalah ablung ka tengah laut? Hayang modar?”

“Rék néangan Kang Adun...” témbalna, ngahinghing ceurik bari rancucut.

“Sing éling sia téh, Adim! Lanceuk sia kalebuh di tengah laut!”

Pikeun Adim, karasa kanyaah taya gantina. Kapan lanceukna nu ngajeujeuhkeun sangkan asup sakola. Kanyaah nu teu kapanggih ti kolotna, pangpangna ti indungna nu bangun ijid kacida. Paribasa ari aya kakeuheul atawa jadi paneumbleuhan sanggeus paséa jeung bapana, indungna nyarékan teu euleum-euleum ku nyebut ‘anak haram jadah’. Mimiti mah biasa baé, tapi lila-lila éta ungkara karasa nyeuitan haténa. Malah kalan-kalan sok nginghak, najan teu ngarti kana maksud ungkarana.

Ti saprak inget jeung boga pikiran kana sakabéh nu kaalaman, kolotna ampir saban poé paséa. Malah beuki dieu kalah beuki rongkah. Geus taya deui kaéra ku tatangga nu ronghok nempokeun tina panto katut jandélana séwang-séwangan mun ninggang di patelak. Tapi, laun-laun jadi ngarti kana sagalana, jeung remen nutupan ceuli jeung panon kana naon-naon nu kajadian di imah.

Adim angger ngahuleng. Buku gambar masih muka, patlot masih dikeukeuweuk. Ungkara panghina batur-baturna bet lana nongtoréng, “Dasar sia mah anak janggol!”

Enya kitu aing téh anak janggol? Anak jadah téa ceuk Ema mah? Gerentesna.

Haben disidem, haben tigin nguatan jangji ka lanceukna, kalah haben jadi pikiran beurang-peuting. Sakali mangsa panasaran. Lian ti ngasongkeun pananya maneuh ngeunaan lanceukna, bet ujug-ujug pok nanyakeun pakasaban indungna nu ngencling waé saban peuting, balik-balik dur subuh. Tapi, indungna kalah tonggoy ngajawab, “Nanaonan sia nanyakeun gadag aing! Tuh, tanya mah gadag bapa sia, sila baé di warung Mang Arsam bari ngeukeuweuk kartu!”

Nanyakeun deui ka bapana, kalah malikkeun, “Tanyakeun bé langsung ka indung sia!” Ahirna disidem deui kapanasaranana.

Angin tanjung terus ngahiur. Rét ka luhur, langit angger wiru. Miharep buru-buru burit sangkan layung ngagurit langit. Ngahibaran deui awang-uwung siga kamari. Sanggeus sawatara jongjongan, trét patlotna diguratkeun kana buku gambar. Dialak-ilik, trét deui. Kitu jeung kitu. Ceg kana patlot warna, piligenti warna-warni mulas jeung mapaésan. Teu lila, bréh ngawangun imah leutik tungtung tanjung, handapeun pelengkung tangkal kalapa. Dilataran basisir, diiuhan satiung layung. Gambar diteuteup deui, tarapti diusap, laju ditangkeup pageuh. Biwirna imut. Tapi, teu lila cipanonna merebey.



***

Adim anjog ka buruan imahna. Teu waka asup ka jero, kalah ngarengkog. Ngajanteng sakedapan gigireun tangkal kalapa. Ngajenghok, ningali paparabotan paburantak dina teras. Panto rujad, ambén bejad, katut rangsakna bilik hareup kawas tapak nyacag.

Ngarahuh. Ngalangkang sakabéhna naon-naon nu geus kajadian. Najan wegah, maksakeun asup ka imah. Suwung. Ukur kasampak baju manéhna jeung bapana patulayah diudalan tina lomari, sawaréhna rajét tapak ngaguntingan. Cipanonna merebey deui. Gura-giru lumpat ka luar jeung buku gambar nu masih ditangkeup jero saragam.

Bari haben gigisik ku tonggong leungeunna, léngkahna kebat ngajugjug warung Mang Arsam. Teu lila, srog ka hareupeun warung.

“Mana Bapa, Mang?” sorana beurat, binarung rénghap nu masih hah-héh-hoh.

“Tuh, bapa sia mah keur ngeplék di jero!” témbal nu ditanya.

Blus ka jero. Lebah lawang panto, ngarandeg. Teu tulus nepungan, ukur wasa nyérangkeun. Bapana keur ijén jeung gambar joker dina ranggeuman, di antara lambaran-lambaran duit sarta botol-botol nu nyaabkeun gambar imahna. Léos deui ka luar.

“Naha balik deui?”

Teu ngajawab, kalah nanya deui, “Ari Ema di mana nya, Mang?”

“Biasana gé kapan Ema sia mah di bédéng!”

Adim ngungkug. Teu nolih deui Mang Arsam nu masih kénéh hareugeueun.

Bras mapay-mapay basisir. Leumpangna lir kahiurkeun angin tanjung. Ngaliwatan sababaraha imah, laju léngkahna ngaancaan di antara ronggos baluntas. Ngeteyep. Nyalingker ka tukang. Rerencepan mipir bédéng teriplék. Teu kalis nyusutan nu gumarajag tina tarang, sedeng saragamna geus lences cikésang.

Luak-lieuk ka tukang, ka sisi ka gigir, bisi aya nu nganyahoankeun. Teu sawatara anggang, lebah bédéng pangjuruna, ngarandeg. Ceulina ditompokeun. Kadéngé aya sora nu haroshos. Ngaléngkah deui bari jéjéngkéan. Panonna museur kana sesela jandéla. Bréh indungna keur ngusey. Keur ngagambar umpalan ombak handapeun taranjang lalaki. Nyilih gambar imahna nu beuki lantis jero saragam.

***

Adim marahmay. Satengah lumpat nanangkeup buku gambar. Gambar imahna nu diréngkolan peunteun salapan ku Guru Ida. Hayang buru-buru aléwoh némbongkeun ka kolotna. Teu lila, anjog ka buruan imahna. Rénjag. Paromanna jadi robah. Katangén kolotna keur paséa deui.

Teu wani nyaksian kalah ngabalieur nukangan. Gék satengah meubeutkeun manéh, nyarandé kana tangkal kalapa laju muka buku gambarna. Diusap. Diteuteup salila-lila. Nu merebey hésé pisan ditahanna, ngeclakan kana gambar imahna. Sabisa-bisa meureumkeun panon jeung nutupan ceuli, tapi sora nu paséa beuki bedas pacowong-cowong.

“Rék iraha sia eureun ngajanggol?” sora teugeug Bapana.

“Ari sia rék iraha eureun judi jeung mabok?” témbal indungna nyeuneu.

“Réa kénéh pagadagan séjén batan ngadangkak di bédéng!”

“Gadag? Aing nyah nu kudu gadag? Terus dipaké maraban sia nu saban poé kalah ngeunah-ngeunah nyekék botol? Sia nu kudu gadag mah, kerud!” Bapana teu nyoara, indunga terus nyoroscos, “Aing kikieuan téh gara-gara sia! Mélaan sia jeung anak sia! Sia mah teu pernah éling ti baheula téh!”

Bapana angger teu nyoara, indungna jempé sakedapan. Ukur hiukna angin tanjung nebak dada duanana nu pada-pada nyongkab.

Leungeun Adim tipepereket.

Teu lila, bapana negeskeun deui omonganana, beuki teugeug, “Sia kudu eureun ngajanggol!”

Indungna kalah leuwih kahudang amarahna, “Geus pok deui pok deui ari sia! Terus aing kudu nyatu naon? Rék diparaban kartu ku sia?

“Sakali deui, sia kudu eureun ngajanggol!”

Éta ku keukeuh sia mah ngomong baé kitu! Émangna saha sia téh ngatur-ngatur hirup aing?”

“Kapan aing téh salaki sia! Wajib ngélingan, deuleu!”

“Salaki? Heuheuy deuh! Ti iraha sia nganggap kénéh pamajikan ka aing? Ti iraha? Ti iraha, hah? Geus lila aing nganggap sorangan teu gableg salaki! Yeuh, kawajiban salaki mah lain ngélingan, tapi tanggung jawab sakeur ngabayuan kulawargana! Matakna, ceuk aing gé buru-buru talak aing sangkan teu jadi beungbeurat! Aing hayang bener-bener hirup bébas! Talak tilu aing ayeuna kénéh!

“Aing moal nyérahkeun sia!”

Badot, siah! Ti baheula angger ngomong kitu! Terus aing rek saumur hirup dinyenyeri? Rék diperes terus késangna sakeur maraban sia? Teu cukup nyiksa jeung nganyenyeri aing téh? Nemen siah!” Indungna bangun hayang ngabudalkeun sakabéhna. Simpé sababaraha rénghapan. Laju neruskeun deui omonganna, “Baheula geus dibéré warisan parahu sadua-dua ku kolot aing sakeur usaha, sakeur bekel hirup ngarumahtangga! Kalah diborahkeun ka Si Engko, réntenir gebleg! Duitna bures ku sia dipaké sila di Mang Junta! Kitu ogé anak aing, Si Adun, diborahkeun ku sia!”

“Aing teu rumasa ngaborahkeun anak!”

“Batingéling, siah teu ngaku! Éta parahu téh sakeur Si Adun hiji, sakeur modalna rabi-rabi jeung Si Imas, kari-kari ku sia bures kabéh! Katambah Si Imas kalah diparabkeun ku sia ka Si Engko! Sangkan sia bisa bébas tina hutang! Nu korban lain Si Imas doang, tapi pangpangna mah anak aing, nepi ka hanteuna! Dipegatkeun jodona ku sia!”

“Lain aing, deuleu, nu marabkeun Si Imas! Tapi kolotna sorangan, nu sarua gableg hutang gedé ka Si Engko!”

Sakaceplakan, parangsana aing teu nyaho? Kapan ku sia dijalanan! Ngolo-ngolo kolotna, sangkan Si Imas daék dikawin ku Si Engko! Dasar sato sia mah, teu ngaragap haté anak sorangan!”

Anjing, siah ngabacot téh!kadéngé sada nu dicabok.

“Sétan, siah!” kadéngé sada nu ngalawan, sada nu buk-bek. Beuki ragot, beuk rosa. Disusul ku sora brang-bréng-brongna parabot nu murag.

Adim beuki tipepereket. “Kang Adun…” gerendengna, tuluy nyegruk.

Kadéngé deui sada nu wowotan di antarana, sora ceurik indungna. Selang-selang tina ngajerit nyanyambat ngaran lanceukna. Pok semu dareuda, “Podaran aing ayeuna kénéh, podaran...! Teu cukup sia nyiksa aing téh? Anak aing modar gara-gara sia! Ayeuna aing gé geura podaran ku sia...!”

Bapana teu némbal. Lila pisan taya nu nyoara, ukur inghak indungna nu ngerepan kasawur hiukna angin tanjung nu terus ngahihiur.

Adim langlayeuseun, ngaleupaskeun leungeunna tina ceuli. Gap kana buku gambar, gambar imahna beuki lamur tina teuteupan. Ngaheneng salila-lila. Nyangka paséa kolotna geus lekasan, tuluy gigisik. Rék sajungjungeun cengkat, tapi Bapana nyoara deui, “Sia kudu eureun ngajanggol! Aing geus wirang ku batur!”

“Gableg kaéra geuning bebengep sia? Okos teu beuki baé kana cungur janggol!” indungna ngéngkréng deui.

“Sia masih kénéh neuteuli masalah éta? Kudu sabaraha kali aing ngomongan! Ceuk aing gé, aing mah sakadar katempuhan! Si Tasem reuneuh lain ku aing!”

“Naha atuh geuning anakna kalah digubuk ka dieu, digedékeun ku sia?”

“Anjing, naha teu ngadéngé ratusan kali aing ngabudah masalah éta? Daék soténan aing ngurus anakna alatan kapaksa! Mun Si Tasem teu modar keur ngajuru, jeung Kadés Utar ngancam mun aing teu daék tanggung jawab, bakal digusur ka pangbuian! Barina gé saha nu sudi ngukut anak jadah!”

“Tong loba alesan siah, eusleum! Aku wé anak sia ladang ngeukeupan janggol! Si Adim téh anak sia jeung Si Tasem!”

Adim Ngarénjag. Jung nangtung, lumpat satarikna jeung buku gambar dina tangkeupan, jeung segrukna nu beuki ngebekan dada. Teu miroséa kolotna nu beuki rongkah. Léngkahna labas ka basisir.

Rénghap-ranjug anjog ka tempat pamaneuhan. Gék sisi ruruntuk parahu. Sanggeus leler, teuteupna anggang nyawang kikiruh basisir ka jauhna. Angger nganti-nganti nu ngaronghéap bari ngararasakeun usap angin tanjung, usap lanceukna, usap Guru Ida, usap nu terus nuuskeun cipanonna.

Rét ka luhur, taya layung. Langit linduh semu angkeub kaburitnakeun. Kusiwel kana buku gambar. Lalaunan dibuka. Imahna nu luntur ku cipanon, digambar deui ku rokrak luhur kikisik. Laju laun-laun sirna kaséblok salantisan lambak.

 

Karawang, 2015

 

 

Katerangan Basa Wewengkon Karawang:

Ablung: luncat ka walungan/laut. Ambén: babaléan tina awi. Alukan: anggur mah. Badot: embé jaluna. Batingéling: kecap panyeluk nandakeun kesel atawa teu panuju. : baé. Bérod: teu beunang dicaram. Bebengep: beungeut. Caruk: hulu parahu. Doang: wungkul. Gadag: gawé/pagawéan. Gebleg: teu hideng. Janggol: ungkluk/awéwé tukang lacur. Jejewir: ceuli. Labas: bangblas. Lunas: kayu dadasar parahu. Mangkat: indit. Mangkel: kesel haté. Mangloh: nganaha-naha. Nemen: kacida. Ngabacot: ngomong. Okos/kos: kawas. Parangsana: disangkana. Rabi-rabi: rarabi. Ronggos: rungkun. Sakaceplakan: ngomong sangeunahna tanpa dipikiran heula. Sakeur: keur. Soténan: sotéh. Teduh: méga hideung.

 

Kungsi dimuat dina Tribun Jabar édisi 13-15 Désémber 2015.

No comments

Powered by Blogger.