Sajak-Sajak Arif Abdilah*

If I Could Tirn Back Time, Simon Jowett


Bumi Sindanghaji

bumi Sindanghaji, di ahir umur salira

katineung téh terus nyelap

dina dapuran waktu

kawas galagat-galagat

nu teu kungsi dibaca mangsa

kawas catetan-catetan heubeul

atawa sésa lalampahan saméméhna

 

macaan lambaran mangsa

hujan masih ngucurkeun kakangen

dina kalakay mata salira

liuh gugupay ti kaanggangan

 

harita

:

di buruan salira, barudak arulin

terus nyumput-nyumputkeun

sepi kana dada séwang-séwang

horéng ringkang leungiteun kalangkang

 

sapanjang mautan kakangen dina angen

angin ngamalirkeun hahangit kana jandéla

langit ngudar kakelar dina sela-selana

di dieu hujan lain ngan ukur likuran girimis

tapi aweuhan kakeueung nu haben ngalaung

 

bumi Sindanghaji, di ahir umur salira

kami gunem jeung sareupna

ngeunaan barudak nu leungiteun cuaca

imah nu suwung leungiteun purnama

 

2014

 

 

Hiji Dayeuh

sanggeus dayeuh cakueum

naon deui nu baris ditepungan bulan

lamun lampu-lampu marijah di taman-taman

boa peuting langlayeuseun datang

 

saendeng-endeng manéhna nutur lumar

néang léngkah nu samar

bari angger ringkang jeung kalangkang

cipruk belewuk balas mipit luput

boa, katunaan terus nyalingker

dina saban parapatan

 

sanggeus dayeuh cakueum

naon deui nu baris ditepungan hujan

lamun cileuncang nguyumbang di buruan

boa langit Salira leuseuh salawasna

 

baris mulang ka mana deui

lamun usum terus digugusur

lamun cuaca terus tugur

sedeng manéhna mah teu kungsi ngarti

naon bédana isarah jeung rusiah

 

ahirna

:

manéhna tilem di lemah nu cakueum

 

2014

 

 

Braga

salira nu leumpang nutur-nutur kamelang

nepungkeun unggal lumar jeung samar

mupus bulan, mulas lampu-lampu jalan

 

nu anteng jeung ringkangna

salira nu mulungan kakangen

tina ruruntuk panineungan

tina témbok kulawu jeung

catetan ragem buku

 

demi salira nu leungiteun sarakan

sapeuting mongkléng

kami ngumbar implengan

nyusud léngkah, nyutat sésa sepi

nu merul tina langit kingkin

sabot nguyupan hawa tiris

kami ngararas

tina saban gedong-gedong

tina tihang-tihang waktu

 

: di dieu salira bet ngabigeu

 

2012

 

 

Tembang Peuting

geus lawas manéhna ngetrokan

lawang keueung jeung ludeung

bari rerencepan nyumputkeun bulan

dina sela-sela panon kota

manéhna ngarungrum sepa

dina unggal jandéla

 

di sapanjang rénghap kota

manéhna terus lunta

ngukuntit sagala katigin

sabot anteng nyutat bagantina usum

nu teu bina jeung pugurna daun

 

dina tonggong kota nu cakueum

dina ruruntuk nu simpé

manéhna leyur

laju pundung

nyalindung muru ngungun

 

duh, boa sanggeus langit cangra

sanggeus adan subuh ngalanglaung

manéhna teu bina jeung lalakon kosta

nyangsaya dina hurunan beurang

 

di dieu manéhna ngababatang

 

2014

 

 

Wéker

 aya nu ngetrokan angen

basa hujan incah tina beungeut peuting

:

tiktek wéker

 

kalan-kalan manéhna nganti kalangkang samar

ngarungrung hégak nu béakeun rénghap

 

di langit, paguneman kalah sepi

nyaksian bagantina wanci

tapi raga bet nyangsaya teuing di mana

 

2014

 

 ------------------------------

ARIF ABDILAH, alumnus Jurusan Pendidikan Bahasa Sunda UPI, aktif di ASAS jeung Turus. Bukuna anu geus medal nyaéta kumpulan sajak Hujan di Pajaratan (Silantang, 2020). Sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda SMAN 1 Bandung.

*) Kungsi dimuat dina majalah Sunda Cupumanik No.109/Taun X/No.1, Maret 2014.





No comments

Powered by Blogger.