Kinanti Watir
Kahoendjoek pangkon djeng iboe
anoe noedjoe senang galih
ieu abdi noe sangsara
ngintoenkeun serat sahidji
moegi koe iboe dimanah
ieu pioendjoek sim abdi.
Abdi geus kenging sataoen
malah langkoeng opat sasih
sasarengan sareng mama
miwah sareng ëmbi deui
nanging taja kamarasan
noe poegoeh mah moeng ririwit.
Awak roeksak ati bingoeng
koeroe aking ngadjangdjawing
teu pegat-pegat nalangsa
siang sinarengan wëngi
teu aja kendatna sesah
estoe sesah taja tanding.
Iboe oge tangtos ma’loem
kaajaan diri abdi
sakoemaha balangsakna
pinjerieun ati abdi
ma’loem indoeng tere tea
teu kawas indoeng pribadi.
Tinangtos sangkaan iboe
anoe mawi djisim abdi
henteu aja ngadeuheusan
ka iboe noe wening galih
nginten abdi mëndak bingah
atanapi senang ati.
Moen kagoengan sangka kitoe
estoening lepat teh teuing
margi anoe sajaktosna
henteu kendat sëdih ati
saherangherang tjibeas
benten sareng tjai bersih.
Doeh iboe koemaha atoeh
pilampaheun diri abdi
sasarengan sareng mama
ngaraos toegenah teuing
sangsara kabina-bina
bingoeng teh langkoeng ti misti.
Ka saha abdi njalindoeng
sangsang badan titip diri
anoe baris mikanjaah
ka diri abdi noe laip
anoe kersa ngarawatan
miwelas ka noe prihatin.
Sanadjan aja di iboe
abdi henteu weleh risi
ngaraos isin koe emang
da sanes bapa pribadi
sok inggis tjara ajeuna
dinjenjeri siang wengi.
Tah koe margi eta iboe
abdi teh ka mana balik
da di mama hënteu kiat
teu benten sareng diboei
dahar koerang badan resak
damel seueur pake roedin.
Naha iboe moal noeloeng
ka abdi noe keur prihatin
panghandjatkeun ti naraka
oelah bade lami-lami
abdi taja kamarasan
sasarengan sareng embi.
Moen iboe teu kersa noeloeng
abdi iklas boeang diri
niat bade bibilasan
sok mending nemahan pati
ikelas abdi ikelas
ti batan hiroep prihatin.
Teu goena di deui nja hiroep
lamoen abdi dinjenjeri
koe iboe sareng koe mama
disangsara siang wëngi
abdi sakitoe oendjoekan
moegi koe iboe digalih.
Dicutat tina Panyoengsi Basa karangan Soeria di Raja, 1933
Post a Comment