Opini Padahal Testimoni

 Bandoeng, 22 Mei 1936.


Djisim koering poen Soeliadinata, kalajan Asmana P. H. L. terang kana ngaran “Himpoenan Soedara” (H. S.) teh kinten-kinten taoen 1920, waktos aja lereskeuneun poen lantjeuk (andjeunna noedjoe djarah); harita kantorna di Sociëteit — Merdika Soeniaradjaweg (ajeuna mah tempat panglirenan Autobus). Nanging teu djadi emoetan naon-naon.

Kabehdieunakeun, babakoena saparantos di Moskeeweg 7, sering oge, nja koe djadi djoeroenganana poen lantjeuk tea bae, meh saban sasih, sareng djadi terang deuih maksadna. Sanaos andjeunna ngadjoedjoeroeng lebet lid, nanging koe margi kenging disebat boro-raah njimpen ƒ 10.—toer saban-saban sasih teu kenging elat, keur eusi aseupan oge… nja moeng oekoer djadi emoetan wae hajang, menggah pek mah henteu.

Siki taroem rindoe kembang, badoang manoek badori; seep taoen seep boelan ngadagoan bagdja diri. Kalah ka karaos oemoer beuki ngolotan, ngoeroes pangaboetoeh angger teu tjekap, kahajang sapertos batoer boga imah lemboer woewoeh kabita, harepan ngadago-dago sesa gadjih, moeng oekoer dina teu tjekap, dina kirang keneh bae.

Lahlahan dina Sasih Januari 1927 mah maksakeun lebet djadi lid Himpoenan Soedara, nembe ge sawatawis sasih ti harita, parantos hasil gadoeh tanah, noe teras tiasa diadegan rorompokna dina taoen 1930.

Tina karaos genahna, resepna, soegemana, kawit tadi didjoedjoeroeng koe poen lantjeuk teh ajeuna mah tiasa ngadjoedjoeroeng, mamagahan noe sanes; babakoena doeloer-doeloer, anak-anak, sobat-sobat. Atoeh aja oge boektina, ngaraos bingaheun, soegemaeun koe lebetna lid H. S. teh.

Margi dilenjepanana kieu: Lebet lid H. S. 5 taoen (sakontrak). Oepami nembe lebet sataoen heug dipaparin namboet keur meser rorompok ƒ 600.— noe njitjilna sasasih ƒ 10.—, rentenna kantenan sasasih ƒ 6.— sareng ngirangan ƒ 0.10 —ƒ 0.10 (saketip-saketip).

Koe djalan kitoe dina 4 taoen teh tiasa majar ƒ 480.— noe sareng ngarentenanana 48 X (ƒ 6.— sareng ƒ 1.20) dibagi 2 = 24 X ƒ 7.20 sami sareng ƒ 172.80.

Nanging oerang lebet 5 taoen gadoeh kaoentoengan renten ti H. S. noe rata-rata sataoen 4%. Didjoemlahkeun ti taoen kahidji doegi ka 5 taoen tea, tangtos ƒ 4.80, ƒ 9.60, ƒ 14.40, ƒ 19.20, ƒ 24.— sami sareng f 72.—. Djadi kaloearna renten (elehna) ƒ 100.80. Noe oerang 4 taoen tea sami sareng rata-rata njewana rorompok ƒ 2.10 sasasih. Karaos kabingahanana dina seepna 5 taoen teh simpenan aja ƒ 600.— kantoen sambetan ƒ 120.— deui, djadi aja keneh kantoenna ƒ 480.— djabi rorompok katoet tanahna noe pameseran tadi ƒ 600.—, toer njewana oekoer rata-rata ƒ 2.10 tea. Kawoewoeh ti 5 taoen ka dieu mah parantos teu njewa deuih. Oepami diroegelkeun ƒ 180.— ge aja keneh ƒ 480.—.

Woewoeh kaemoet njimpen 5 taoen di rorompok sapertos di H. S. emoetan moal kiat, kaboedjeng seueur gogodana, sok hajang ngorowotan atanapi njokelan. Kadoea djadi kamadjengan sadajana (kempelan), boektina kantorna, tokona (gedong sewaan), komo ajeuna mah adeganana istoe sanes loemajankeuneun, 1000 lid mah tiasa lebet, toer sakitoe soegemana. Eta clubgebouw sanaos kedah njewa oge, kenging dianggo koe kempelan sanes. Malah kadjadian gratis (teu njewa).

Djabi ti eta tara ditagih ka rorompok, da kedah hideng sorangan, tegesna diadjar satia, toehoe, kana perdjangdjian sorangan. Koe setor ka kantorna. Awahing koe katarik koe kamadjenganana Himpoenan Soedara sareng woewoeh kahartos goenana, doegi ka angkeuhan teh hojong sarerea bae lebet lid, pada ngarodjong, pada ngamadjengkeun, soepados woewoeh kiatna. Nanging koe margi bahanna ageung njaeta ƒ 10.— sasasih, ajeuna tiasa oge sahandapeun ƒ 10.— (pang alitna ƒ 2.50).

Sakitoena seueur keneh bae noe sasat teu tiasa lebet ka H. S. atanapi teu atjan. Tina teu weleh ihtiar hojong ngiring ngamadjengkeun, nja ngabangoen hidji kempelan alit noe oekoer simpenananana sasasih ƒ 0.25, noe wastana Bank Coöperatie „PAHEUJEUK-HEUJEUK LEUNGEUN” (P.H.L.).

Ieu kempelan sanaos alit nanging sadjalan sareng H. S., da poegoeh sasat bibit boeitna noe ditjonto, noe ditiroena, nja H. S., kawit karaos sareng katingal kamadjenganana H. S., keur noe teu kiat lebet ka dinja atanapi etang-etang pangwoewoeh kamadjengan H. S. noe parantos kantenan bestuurlidna sabagian lid H. S. nja kitoe deui lidna.



Kaweninganana Himpoenan Soedara ka Coöperatie noe aralit oge teu kinten katawisna, boekti dina Jubileumna 30 taoen dina ping 18 April 1936, pohara kabingahanana P. H. L. koe kengingna pangangkir (oganan) ngaloeoehan eta Jubileum.

Nja kitoe deui waktosna aja pangeling-ngeling P. H. L. 5 taoen dina ping 2—3 Mei 1936 kaoeninga dina ieu potretna, sadjabi ti kaweningan ti sasami coöperatie aralit teh, ti H. S. oge aja; hidji tawis jen mitjintana, sasarenganana.

Atoeh P. H. L. teh teu kinten bingahna, raos djadi woewoehna tjonggah, kangge ngalap tjonto tina sanes kanten kamadjenganana H. S. disarengan ngiring doe’a moegi-moegi HIMPOENAN SOEDARA saoemoemna wiloedjeng saterasna.

 Tinoemoetan hoermatna.

Kalajan nami P. H. L.


Dicutat tina Gedenkboek Himpoenan Soedara 1906-1936

No comments

Powered by Blogger.