Noe Sengit Dilawan Soerti
Dina hidji mangsa poe Minggoe Kangdjeng Dalem Serang, ngersakeun matjangkrama ka Poelo-Pandjang diiring koe para menak-menak, rek ngadon toeang soekan-soekan, meureun sakalian bari ngaronda deui. Loengsoerna ti Karangantoe nitihan parahoe gede. Breg bae djadi saparahoe. Barang geus kaloear ti moeara, tepi ka tengah laoet, paeheun angin. Atoeh parahoe anoe tadi sakitoe njoeroewoekna teh, ajeuna mah lajarna ngoelapes, loenggak-linggek bae di tengah laoet. Ari dihaben dibaroseh, atoeh da lain bosehboseheun ari parahoe sakitoe gedena mah, kalah beuki oengked-oengkedan, madjoe mah henteu. Teu kira-kira bae matak kaloemanna, toeroeg-toeroeg anoe teu biasa mah rea anoe ngadadak mabok deui, da asa kakotjlok-kotjlok koe ombak.
Kangdjeng
Dalem oge henteu marahmaj pameunteuna, ladjeng ngadawoeh ka Djoeroe-moedi: “Koemaha,
ieu teh Djoeroe-moedi, arek ngadon ditimang ombak bae. Tjing ngaloearkeun
tarekah kadinjah, oelah matak kaloeman teuing kieu!”
Djoeroe-moedi
anoe keur hoelang-hoeleng mikiran angin, mani ngarendjag ngadenge dawoehan
Kangdjeng Dalem teh. Pok oendjoekan: “Soemoehoen dawoeh, manawi moal lami deni
oge tiasa madjeng.”
Dawoehan
Kangdjeng Dalem: “Heueuh soekoer atoeh ari moal lila deui mah. Tapi tjing euj
tamba kesel, sabot ngadagoan datangna angin, njarita-njarita ka dinja anoe
rame. Boga lalakon naon silaing anoe model?”
Walon Djoeroe-moedi: “Njanggakenn bebendoe wae, abdi dalem mah lapoer pisan teu gadoeh tjarios anoe aneh-aneh.”
Anoe
tjalik deukeut ka Djoeroe-moedi, Djoeragan Djaksa. Mgadangoe pioendjoek
Djoeroe-moedi kitoe, Djoeragan Djaksa ngadilak bari malik ka Djoeroe-moedi,
sasaoeranana sengit naker, saoerna: “Si Ompong, ditimbalan koe menak make
moemoel. Pok-pok bae kadinjah njarita-njarita bae mah, pilakadar njarita.
leu mah make dadakoe teu boga noe aneh sagala roepa. Noeroestoendjoeng ka
dawoekna!”
Djoeroe-moedi
seuri-koneng, isin koe Kangdjëng Dalëm, ngenes koe noe ngesek-ngesekkeun. Toengtoengna
pok oendjoekan deui: “Soemoehoen dawoeh, ari dongeng goanggoang bae mah, nja
gadoeh bae abdi dalem oge; nanging ngaraos rada isin ari ditjarioskeun ka
Pangagoeng mah.”
“Tjing pok, na make isin, dongeng
naon? Dewek hajang ngadengekeun!” dawoehan Kangdjeng Dalem.
Kieu
ari dongengna mah:
Djaman
baheula dina poentjakna G. Karang aja monjet mandah, parantos teu kinten kolotna,
parantos tawehwoh. Siang wengi tjindoekdoek bae dina dahan kiara, teu
petotpetot neneda ka dewa, koe hajang ngarandapan heula hiroep djadi djelema.
Tina
mantengna karep monjet mandah teh koe dewa dikaboel. Manehna kenging ilapat kedah
njoehoenkeun pitoeloeng ka Sang Pandita anoe keur tatapa di G. Pajoeng.
Enggalna
monjet mandah teh mios ka G. Pajoeng, ngadeuheus ka Sanghiang Pandita. Barang
dongkap ka pangtapaan, koe Sanghijang Pandita dipariksa: “Aeh koetan aja Ki
Monjet mandah. Rek naon Ki Mandah teh tara-tara ti sasari datang ka dieu?”
Pioendjoek
monjet mandah: “Beu Sanghijang Pandita, anoe mawi ngadeuheusan, abdi teh bade
gadoeh panoehoen. Wireh parantos sakieu nja kakolotan, koe hajang ngarasaan
djadi djelema heula memeh maot teh. Abdi teh teu kinten kabitana ari ningal
djelema teh, nja tegep nja kewes, nja kawasa deui, henteu hina sapertos
koenjoek. Koe margi eta abdi teh bade njoehoenkeun djiad karamat Sanghijang
Pandita soepados tiasa djadi djelema.”
Dawoehan
Sang Pandita: “Euh kitoe, karep Ki Mandah teh. Heug, paneda andika koe Dewa noe
kawasa dimakboel, baris bisa djadi djelema. Oentoeng deui, djadi djelema oge,
lain djelema djore-djore, andika teh bakal djadi djaksa nagara. Koemaha
sanggoep?”
Monjet
mandah teh ngahoeleng, melengek sadjongdjongan henteu tiasa ngawangsoel.
Manehna
ngomong dina djero atina: “Djadi djaksa? Naha bet soelaja teuing djeung
kahajang; da ari kahajang aing mah moen djadi djelema teh, hajang djadi paninggaran.
Ari ieu bet bakal djadi djaksa. Ka mana milik goreng-goreng teuing!”
Koe
Sang Pandita dipariksa deui: “Koemaha daek Ki Mandah, andika rek didjadikeun
djaksa teh!”
Monjet
mandah balaka oendjoekan ka Pandita, pokna: “Beu Sanghiang Pandita, moegi oelah
djadi bendoe galih, panoenoehoen bae abdi mah teu sanggem ari bade didamel
djaksa mah.”
Sang
Pandita ngarandjoeg, bari mariksa deui: “Naha koe naon, make teu sanggoep? Asa
aneh temen.”
Pioendjoek
Ki mandah: “Soemoehoen, narah bae ari kana bade didamël djaksa mah, eta sieun
langkoeng abot siksaanana manan djadi mandah monjet. Margi abdi sering ngoeping
oerang desa marantjahan tangkal peuteuj anoe teu daek boeahan, sanggemna: “Hag
sia, lamoen teu boeahan taoen ieu, ditoear sia koe aing, deuk dipake keteb
djaksa.” Tah eta teh tangkal peuteuj oge sieuneun, wartosna sok ladjeng bae
boeahan…
Kangdjeng
Dalem mani ngagakgak goemoedjeng, dawoehanana: “Teu woedoe euj, kasoertian teh
bisa moelangkeun kasengitan.”
Ari
saoer Djoeragan Djaksa ka Djoeroe-moedi: “Heueuh ompong, djaksana oge bisi teu
njaho eta mah djaksa baheula, lain djaksa djaman ajeuna.”
Dicutat tina Gandasari
karangan R. Rg. Sastraatmadja, M. Soemawidjaja, jeung Soeria di Radja, 1933.
Post a Comment