Moro Bangong (Bagean 2)
BAGONG, sakapeung sok disebut bedul, basa Jawana céléng. Di sawatara tempat, aya deuih nu nyebut babi. Padahal, dina basa Sunda lulugu, antara bagong jeung babi teh béda. Bagong istilah Laténna Sus scrofa; ari babi Sus domesticus. Éta dua jenis sato téh kaasup kana genus Sus, familia Suidae.
Heup waé pedaran ilmiahna mah tepi ka dinya, da apan
urang mah lain rék medar babagian élmuning biologi. Ieu mah ngan sakadar pikeun
némbongkeun yén babi jeung bagong téh béda, najan bisa jadi dianggap teu béda
jauh. Ngan nu sidik, ceuk katangtuan dina Islam, duanana gé haram. Moal
papanjangan deuih medar bab éta gé, da éta mah hancengan para jumhur lebah
nerangkeunana.
Urang cokot gampangna waé, bédana bagong jeung babi
téh ngawengku sawatara hal. Bagong kaasup sato jarah (binatang liar), sok disebut sato leuweung deuih. Ari babi mah sato
ingu (binatang ternak). Cindekna,
babi mah sok dikukut sina baranahan, disuwuk ngarah téréh galedé, anu engkéna
jadi komoditi pangan.
Bentukna ogé béda deuih, babi mah buteter (atawa
bayuhyuh, kitu?), loba ngandung gajih, anu moal boa dina geus diasakan téh
bakal girinyih. Kitu deui kelirna ogé teu sarua. Bagong mah hideung semu hawuk,
ari babi ilaharna bodas atawa belang babalégbagan hideung-bodas. Kumaha ari
pasipatanana? Jih, nya béda atuh. Babi mah lindeuk, ari bagong sajaba ti giras
téh galak deuih. Bisa jadi babi anu turunanana ayeuna aya di urang téh
karuhunna mah bawa urang Éropa. Bisa jadi deuih, anu baheula mimiti ngukut babi
téh lain urang Sunda. Mun lain urang Walanda, nya meureun bangsa Cina, apan ku
maranéhna mah ilahar dikonsumsi.
**
Pikeun urang Sunda, bagong teu kaasup sato anu
dipikaanéh. Ari sababna, di urang mah apan loba. Lain di pilemburan tangtuna gé,
mana komo mun di kota, tapi di leuweung. Sed ti di leuweung, di reuma deuih,
atawa di huma atawa di kebon nu sok aya bagong téh. Éta gé sok rajeun aya anu
ngulampreng ka pakampungan mah, tapi da terus matuh. Ukur ngadon ngaliwat atawa
liar wungkul mun keur barangsiar hakaneun. Biasana bagong téh sok turun ka
lembur anu deukeut ka leuweung, atawa ka huma.
Meureun aya nu panasaran kénéh, apan cenah sok aya bagong
anu matuh di lembur gé, anu cenah deui waé, éta téh bagong kajajadén lantaran
aya nu nyegik? Jih, nya teu apal bagong anu éta mah, da tacan kungsi manggihan.
Ukur ceuk béja; yén di urang aya ulikan ngeunaan “élmu” hayang beunghar ku
jalan munjung. Tapi kitu ogé baheula, da ayeuna mah geus tara kabéjakeun.
Bagong kajajadén téh, cenah, saenyana jalma nu keur minda rupa jadi bagong,
pikeun nohonan pasaratan néangan rajakaya ngaliwatan cara-cara nu teu ilahar.
Kitu ceuk dongéng. Tapi, wallohualam. Geus ah, tong kapapanjangan nyaritakeun
bagong kajajadén, apan urang mah rék nyaritakeun moro bagong.
Pikeun anu maratuh di pasisian atawa di pilemburan
anu kahirupan masrakatna ngandelkeun tatanén, bagong téh dianggap hama. Heueuh,
lantaran sok ngaruksak pepelakan. Mangkaning dina sakalina ngaranjah téh sok
abrul-abrulan. Pepelakan di kebon jadi sasaran bagong. Pelak hui, sampeu,
jagong, katut palawija lianna, geus karuhan paré mah, dalah kitri gé tara luput
diranjah. Éta pangna dina kahirupan masarakat, bagong téh nempatan posisi musuh
nu kudu ditumpes. Heueuh, lantaran ngaruksak téa. Kebon jeung sawah diranjah,
tepi ka patani karoroncodan. Pepelakan meunang miara tekal-tekil, dina
pamustunganana béak digalaksak.
Bagong kaasup sato anu ngabubuhan. Dina saabrulan téh
sakapeung sok tepi ka ngawelas. Éta pangna dina sakalina ngaranjah téh
pepelakan nu aya di kebon tepi ka ledis, tepi ka teu kapuluk, da datangna bari
mawa anggota kulawargana. Sajaba ti dihakanan, pepelakan téh ruksak digaley,
taneuhna disungkuran. Mangkaning ngaranjahna téh peuting-peuting. Anu matak,
kebon anu sok jadi langganan bagong mah wayahna kudu ditungguan bari haben
dironda. Mun teu kitu, wayahna kudu dipager tohaga. Da mun teu kitu mah patani
alamat ngalamot curuk dina datangna usum panén téh.
Naha aya bagong anu nyorangan? Aya éta gé. Geuning,
naha pédah wanian? Jih, jigana lain pédah wanian-wanian teuing, tapi ku sabab
geus misah ti kelompokna. Biasana mah bagong anu geus kolot, jeung jaluna
deuih. Bagong anu nyorangan disebutna bagong nunggal. Beu, gedé awakna gé,
gagadungan, sihungna nyengklik, jeung biasana buluna geus semu hawuk, alatan ku
kakolotan. Anu dimaksud gagadungan téh lintuh pisan. Lian ti éta, dina
beungeutna sok aya nu menyendul jiga kutil, lobana tilu, gedéna kira-kira sarua
jeung bal ténes, dina lebah juru caréham
di sahandapeun mata, jeung dina bangusna. Bagong anu aya kutilan, sihungna
nyengklik, jeung awakna gagadungan, geus pasti éta téh jaluna.
Bagong jalu leuwih gedé batan bikangna, leuwih
bedas, jeung tangtu waé leuwih galak, najan bagong bikang gé sarua galakna ari
keur anakan mah. Kétang, ulah bon bagong, ari keur anakan mah hayam bikang gé
apan sok ngabintih. Kitu deui anjing nu keur anakan, galakna sok béda ti
sasari. Kétang, kuda gé sarua kitu.
Gedéna bagong teu sarua, gumantung kana habitat
atawa tempat matuhna, naha daérahna kaitung subur atawa angar. Kondisi subur
jeung angar téh nangtukeun jenis jeung lobana hakaneun. Kahakanan bagong téh di
antarana cacing, minangka sumber protéin. Tah, dina lahan anu riduh mah cacing
téh loba. Éta pangna bagong anu aya di daérah subur mah leuwih galedé. Bagong
nu geus kaasup kolom déwasa beurat awakna bisa leuwih ti sakintal, jeung
jangkungna lamun diukur tepi ka luhur punduk kira-kira saméteran. Ari anu
matuhna di daérah angar mah, leuwih leutik ti éta.
Bagong anu geus nunggal, ukuran awakna kira-kira
sagedé lisung, atawa dreum karbit atuh. Panjang awakna, mun diukur ti tungtung
bangus tepi ka puhu buntut, kira-kira aya anu saméter satengah, tacan mun
ditambah ku panjang buntutna anu kira 30 séntian. Sihungna nyengklik aya kana
12 séntina. Malah sihung anu melengkungna geus tepi ka puhu mah (disebutna
sihung ranté), leuwih panjang ti 12 sénti.
Gedéna bagong bikang kira-kira dua pertilu ti bagong
jalu. Bagong bikang mah henteu tangihgul, tapi rada lempay. Bagong jalu anu
geus nunggal, gerakna teu pati lincah, da beurateun ku awak, katurug-turug sok
geus torék deuih. Dina keur dibeberik diboro gé, lumpatna geus henteu tarik.
Najan disurakan euyah-euyahan gé, bari dibalédogan, upamana, ngan tiba
ngungkug.
Sihung bagong béda jeung sihung maung, ajag, ucing,
atawa sato séjénna anu ngabogaan sihung dua pasang (luhur sapasang, handap
sapasang). Sihung maung, upamana, anu handap téh rada melengkungna ka luhur,
ari sihung luhur rada melengkung ka handap. Tah, sihung bagong mah teu kitu.
Sihung handap jeung luhur téh melengkungna sarua ka luhur; jiga kacip. Éh, apal
henteu naon ari kacip? Kacip téh “gunting” pameulahan jambé, dipibogana biasana
ku anu sok nyeupah.
Bagong bikang gé sarua aya sihungan, ngan leutik
jeung pondok. Lamun aya nu ngaganggu, biasana bagong bikang sok nyengkatkeun
huluna, tatahar rék ngégél. Ari bagong jalu, mun dirina ngarasa kaancam,
biasana sok tungkul, laju nyuruduk bari mubat-mabit. Sihungna nu panjang gedé
gunana pikeun ngalumpuhkeun musuhna. Nyuruduk atawa ngabanting sataker tanaga.
Ku tarik-tarikna, ana sakalieun keuna téh geus pasti matak gudawang, malah
kulit tangkal mahoni gé kuat tepi ka cewud, Jadi geus kasawang, bakal kumaha
balukarna mun keuna kana kekemplongan musuhna—anjing upamana. Mangkaning dina
sakalina musuhna geus beunang téh sok terus dikekesek, teu béda ti nu keur ngaréndos.
Geus kitu musuhna téh terus dialungkeun. Kontan, anjing budal-badil, peujitna
ngaburalu ka luar, ambay-ambayan. Éta pangna maung gé tara sologoto
nyanghareupan bagong gedé mah. Lamun geus ditekuk tapi masih metu kénéh
ngabanting, teu mustahil sihungna bisa nyasaak. Antukna, bagongna paéh, maungna
koit.
Tina pangalaman di pamoroan, sihung anu gedé
bahayana téh biasana anu tacan melengkung. Enya, sihung anu lempeng kénéh. Nya
sihung anu kitu bentukna anu sok remen nyacar bolang kekemplongan anjing di
pamoroan téh. Sihung anu geus melengkung mah teu pati bahaya, ngan pasti
bagongna gedé, anu tangtu waé gedé pisan tanagana. Mindeng kajadian, bagong
nunggal mah ana digabres ku kuli hiji waé mah, batan terus rubuh kalah malikan,
laju ngamuk nguwak-ngawik.
Ilaharna urang nganggap bagong téh kabeukina ukur
kana beubeutian, bungbuahan, atawa tangkalna pisan—istilahna sato herbivora. Padahal
saenyana teu kitu. Sabab, bagong gé sok ngahakanan sasatoan séjénna, utamana
cacing jeung bangsa serangga, kaasup lauk cai deuih. Malah bangké gé sok
dihakan. Jadi kaasupna téh kana sato omnivora, alias sagala dihakan. Malah
kungsi kabuktian, di wewengkon Nusa Tenggara, bagong téh sok ngamangsa mencek.
Ilaharna bagong liarna ti peuting, pikeun naréangan
hakaneun—disebutna sato nukturnal. Tapi saenyana beurang ogé, utamana isuk-isuk
atawa pasosoré, bagong sok geus ngider néangan hakaneun. Moro bagong dina
mangsa beurang, ilaharna ku cara dibeberik, ngagunakeun anjing. Lamun moro
bagong ti peuting, ku cara diintip, laju dibedil; disebutna ngabelor.
Post a Comment