Sunda dina Cetetan Portugis (Bagean 1)
Suma Oriental, karya Tome Pires, dianggap hiji karya monuméntal anu jadi sumbangan penting pikeun paélmuan, utamana dina widang géografi jeung sajarah. Ieu karya téh disusun ku Tome Pires, urang Portugis (lahir taun 1468). Mun ceuk basa ayeuna mah, manéhna téh ahli farmasi anu hirupna ngalanglang buana pikeun nyatetkeun rupa-rupa hal, hususna tutuwuhan, dina awal abad ka-16, sarta kungsi hanjat ka Pulo Jawa, terus nyimpang ka Karajaan Sunda (anu ayeuna mah éta karajaan téh popilérna sok disebut Pajajaran, jaman Prabu Sribaduga ngadeg raja, anu ceuk urang mah Prabu Siliwangi téa).
Opat kapal Portugis balayar ka Karajaan
Sunda, taun 1513. Sataun saméméhna, Raja Sunda harita ngutus Pangéran Sangiang
atawa Surawisésa pikeun nepungan pihak Portugis anu harita geus ngawasa Malaka.
Maksudna mah rék ménta bantuan, duméh Sunda nyanghareupan gempuran Demak anu
hayang ngarebut palabuan Kalapa (éta palabuan téh dianggap sumber d évisa, anu
di Nusantara mah kaasup kadua panggedéna sanggeus Pasai di Acéh).
Heup heula wé ari urusan pulitikna jeung
urusan perangna mah, apan ayeuna urang rék medar perkara Tome Pires anu salila
matuh di Sunda téh nyusun catetan tina sakur papanggihanana. Anu sidik, karya
Tome Pires téh loba méré informasi penting, lamun urang hayang ngajujut sajarah
Sunda, sok sanajan dina macana téh urang ogé kudu kritis, da tacan tangtu
sagemblengna bener.
Catetan ngeunaan Sunda anu nempatan
salah sahiji bab dina Suma Oriental
saenyana mah tadina laporan Tome Pires ka Raja Portugis harita. Éta laporan téh
gedé patalina jeung tarékah nagara-nagara di Éropa anu dina mangsa harita
ngajajah wewengkon Asia jeung Afrika pikeun ngahontal tujuan gold, gospel, and glory.
Memang teu réa catetan ngeunaan Sunda anu
dilaporkeunana téh mun dibandingkeun jeung tulisan séjénna dina éta buku. Da
anu lolobana dipedar mah di antarana ngeunaan India jeung Cina, katut sawatara
wewengkon lianna di Asia, hususna Asia Timur. Kitu deui, ngeunaan Nusantara anu
dicatet ku Tompe Pires téh henteu ngan Sunda wungkul, tapi deuih sakur anu
kapanggih ku manéhna di wewengkon Sumatera, Jawa, Madura, Bali, Kalimantan,
jeung Maluku.
Bangsa deungeun anu nyieun catetan
ngeunaan Sunda téh lain ngan Tome Pires wungkul. Malah anu leuwih heubeul mah
ayana téh dina catetan Cina, di antarana anu ditulis ku Fa Hien, anu datangna
ka Nusantara jauh saméméh Tome Pires.
Buku Suma Oriental anu jadi rujukan penting pikeun para ahli géografi
jeung sajarah téh anu aslina ditulis dina basa Portugis, saterusna
ditarjamahkeun kana rupa-rupa basa. Dina basa Indonésia gé aya tarjamahanana,
tina basa Inggris, dipigawéna ku Adrian Perkasa jeung Anggita Pramesti. Kaitung
kandel, leuwih ti 500 kaca. Ari catetan ngeunaan Sunda ukur diébréhkeun dina
sawelas kaca.
Anu ditulis ku Tome Pires tacan tangtu
persis sakumaha anu nyampak harita, utamana dina ngadéskripsikeun ngaran, boh
ngaran jalma boh ngaran wewengkon. Nya ku sabab béda basa téa, anu teu mustahil
jadi béda dédéngéan, terus béda dina nuliskeunana. Komo deui apan cicingna di
dieu téh teu lila. Ayana salah tulis téh teu mustahil deuih teu bisa kasusud,
naon ari maksud sabenerna tina éta kecap atawa kalimah. Komo deui apan ieu mah
tarjamahan tina tarjamahan. Lian ti éta, teu mustahil deuih aya kasalahan persépsi
atawa pamahaman, anu ceuk pikiran urang ayeuna mah asa teu mungkin kitu, atawa
lamun ku urang dibandingkeun jeung catetan sajarah séjénna.
Geura urang cutat tarjamahan ngeunaan
Sunda dina karya Tome Pires:
Sunda dipingpin ku Raja Sunda. Manéhna ngawasa Kota Dayo (aya kamungkinan kecap dayo téh tina dayeuh) anu gedé, kota, tanah, jeung Palabuan Banten (Bantam), Palabuan Pontang (Pomdam), Palabuan Cigedé (Cheguide), Palabuan Tangerang (Tangaram), Palabuan Sunda Kalapa (Calapa), Palabuan Cimanuk (Chemano). Walungan Cimanuk jadi tapel wates antara Karajaan Sunda jeung Jawa.
Sabagian jalma nandeskeun yén Karajaan
Sunda téh ngawasa satengahna Pulo Jawa. Sabagian deui, nyaéta jalma anu
nyarekel kadudukan dina pamaréntahan ngarasa yakin yén kakawasaan Karajaan Sunda
nempatan sapertilu atawa saperdalapan bagian pulo. Maranéhna nyebutkeun yén
legana buleudan Karajaan Sunda téh 300 league.
Wates ieu karajaan téh tepi ka Walungan Cimanuk. Dicaritakeun yén dina jaman
baheula, Pangéran geus nyieun walungan pikeun misahkeun Pulo Jawa jeung
Karajaan Sunda, jeung sabalikna. Di sapanjang ieu walungan tumuwuh tatangkalan
galedé tur éndah, sarta daunna nyapuan taneuh.
Raja jeung
Rayat Sunda (Fol. 147v)
Raja Sunda téh gagah, (kitu deui) para gegedén lianna nu aya
di karajaan. Sunda téh tanahna para satria jeung palaut—duanana gé leuwih
kawentar batan satria jeung
palaut Jawa. Lalaki Sunda téh karasép, kulitna rada hideung, jeung awakna
sembada. Putra raja sacara otomatis diwaris karajaan. Lamun taya anak anu sah,
karajaan bakal ngayakeun pilihan pikeun nangtukeun pamingpin pangluhurna
karajaan.
Geus jadi tradisi di ieu karajaan yén
sakur pamajikan raja katut gegedén lianna sok ngaduruk manéh dina waktu
salakina maot. Éta tradisi téh sarua diterapkeun deuih di lingkungan kulawarga
anu kastana leuwih rendah. Maranéhna milampah kitu téh lain karana kapaksa,
tapi ku sabab kahayangna sorangan. Pikeun
anu teu milampah kitu, bakal dianggap beguine*, anu hirupna kudu nyorangan, sarta teu meunang aya nu
ngawin saha waé ogé. Ngan sawaréhna aya anu kawin
tilu atawa opat kali. Anu kitu téh dipencilkeun (terasing) di nagarana.
Nagri Sunda miboga 4.000 kuda anu
didatangkeun ti Pariaman jeung pulo-pulo lianna anu jadi komoditas dagang. Lian
ti éta, boga 40 gajah deuih anu digunakeun ku raja pikeun paméran. Karajaan
Sunda diparéntah kalawan adil ku jalma anu wening ati. Masarakat anu matuhna di
basisir hubunganana hade jeung para padagang anu matuhna di patonggohan. Maranéhna
geus biasa milampah balantik (perdagangan). Urang Sunda geus biasa mariang ka
Malaka pikeun dagang. Maranéhna maké parahu lanchara
kargo, nyaéta kapal anu bisa mawa muatan 150 ton. Sunda miboga parahu jung leuwih ti genepna, jeung lanchara-lanchara Sunda anu tihang
kapalna dirupakeun bango, sarta tétécéan di antara saban kapal sangkan babari
ngamudikeunana.
Sanggeus Raja Sunda, anu ngaranna sok disebut
Sang Briang anu pangluhurna nyekel kakawasaan, sahandapeunana aya wakil raja
anu disebut cocunam. Sahandapeunana
deui aya bendahara anu sok disebut macabumij
(mangkubumi). Di ieu nagri aya para kaptén katut anu nyarekel kakawasaan di
kota deuih, di wewengkon lianna, katut palabuan. Di Jawa, nu nyekel kakawasaan
téh disebut pate (patih), ari dina
basa Sunda maranéhna dipikawanoh dina sesebutan paybou, minangka contona: paybou
A jeung paybou B anu nyekel
kakawasaan di ditu jeung di dieu. Basa nu digunakeun di Sunda lain basa Jawa,
kitu deui anu maratuh di Jawa henteu ngagunakeun basa Sunda, padahal wewengkon
maranéhna ukur dipisahkeun ku Walungan Cimanuk, (ieu wewengkon téh) heureut
pisan. Sanajan maratuhna di sapulo, tapi loba nu nyangka éta dua karajaan téh béda
pulo, lantaran aya walungan anu misahkeun. Tapi pikeun anu kungsi ngadongdon
bakal nangenan yén éta dua nagri téh aya dina lahan anu sarua, sabab ayana
dahan anu paadek antara hiji tangkal jeung tangkal lianna.
Kota
Pamatuhan Raja
Kota Dayo téh tempat matuhna raja, malah paling lila
dicicinganana dina jero sataunna. Di ieu
kota gedé téh loba imah kai aralus anu ngagunakeun daun kalapa. Jalma nyararita
yén Kangjeng Raja miboga imah anu agréng pisan, diwangunna ngagunakeun 330
tihang kai saukuran tong anggur, jangkungna lima deupa, jeung dina bagian
luhurna dihias ku ukiran anu aréndah.
Lalampahan ka ieu kota téh méakkeun
waktu dua poé, mun urang inditna ti palabuan utama Sunda Kalapa (Calapa). Sang
raja téh atlét jeung ahli moro. Di wewengkon nagarana loba uncal jalu, bagong,
jeung banténg anu teu kaitung lobana. Maranéhna mindeng méakkeun waktu pikeun
moro.
Raja bogaeun dua praméswari anu asalna
ti wewengkon karajaan kénéh, sarta miboga leuwih ti sarébu parekan (selir).
Masarakat Sunda kasohor dina urusan kajujuranana.
Barang
Dagangan Karajaan Sunda
Ieu karajaan t éh ngahasilkeun pedes anu kualitasna leuwih
alus batan pedes ti Cochin—dina sataunna leuwih ti sarébu bahar. Ieu nagri téh ngahasilkeun cabé jawa deuih, tur jumlahna
loba, jeung asem anu bisa dimuat dina sarébu kapal.
Di ieu nagri mindeng dijual-beulikeun jalma
beulian (budak), boh lalaki boh awéwé,
boh jalma lokal (Fol. 148r) boh nu didatangkeun ti kapuloan Maladéwa.
Lalampahan ti Sunda ka Maladéwa téh méakkeun waktu genep atawa tujuh poé.
Komoditas dagang nu paling utama nyaéta béas. Sunda téh ngagunakeun emas anu
dicitak ku 8 mate (jenis gorésan atawa
citakan emas nu digunakeun di Timur). Lian ti éta, ieu nagri ngahasilkeun kaén husus,
anu dikirimkeun ka Malaka.
Bahan
Kadaharan
Karajaan Sunda ngajual béas anu dina saban taun lobana
leuwih ti 10 jung. Lian ti éta,
rupa-rupa sayuran jeung daging, babi, embé, domba, jeung sapi anu kacida lobana
tur teu kaitung jumlahna. Ieu
nagri ngahasilkeun anggur jeung bungbuahan salobana Jawa.
Urang Sunda loba anu iang dagangan ka Jawa, pikeun ngajual béas jeung barang dagangan lianna. Dua atawa tilu jung ti Malaka mindeng datang ka Sunda deuih pikeun jual-beuli jalma beulian, béas, jeung pedes. Sabalikna ti éta, pangajavas ogé balayar ti Sunda ka Malaka dina saban taunna, ngunjalan barang sakumaha anu tadi disebutkeun. Ari dina waktu balikna sok marawa rupa-rupa dagangan.
*) Beguinas atawa beguines, lain hartina awewe nu nyekel agama atawa datang ti komunitas nu tangtu. Di jaman Pires, kecap eta nuduhkeun harti awewe masakat atawa nu keur ditibanan hukuman. Numutkeun Barros: "Pikeun awewe (Jawa) nu geus rarabi, dimana salakina paeh, maranehna kudu milu paeh pikeun nempokeun harga dirina; tapi keur pamajikan nu embung milu paeh, maranehna kudu cicing di pamencilan (nu aya di Jawa)."
Sunda dina Catetan Portugis (Bagean 2)
Post a Comment