Carita Pondok: Nua*
Kohala Koheiji Katsushika Hokusai (1760-1849)
BATU BULEUD téh sedeng gedéna, dipulung ti sisi walungan, tuluy dipaké ku manéhna pikeun nutuan kulit tangkal pedes sangkan ancur. Genep urang baturna ngarawuan kulit tangkal nu geus ancur tina batu lémpar nu dijadikeun alas nutu. Sanggeus dikeupeul dibuleud-buleud, bus kulit tangkal téh diasupkeun kana karinjang jarami. Cai panutuan nu ngalémbéréh tina batu gé ditandé, tuluy dikucurkeun kana jero karinjang.
Béh ditueun pagunungan Ondaké, di
daérah Kiso, ngamalir walungan nu kaiuhan ponclot pagunungan. Jalan satapak nu
rumpil aya di lamping béh dieu, sedeng di lamping ditu, ngajungkiring gunung cadas,
dihieuman ku hejo tatangkalan nu ngarewig badis buuk awéwé, ponclotna hurung ku
marakbakna kembang kadudampit beureum. Sagurat ipis langit tembong caang ku
morérétna panonpoé, tapi di jero leuweung mah hawa nyecep lir musim gugur.
Maranéhna leumpang ti lemburna di
tutugan ti subuh mula, mapay rumpil, pikeun nua lauk di leuwi. Ayeuna maranéhna
geus bérés nutuan kulit tangkal pedes nu dicampurkeun jeung kembang lawang,
cai, jeung rupa-rupa bahan séjénna.
“Geus cukup sakieu gé, malah loba
teuing,” ceuk saurang bari ngadéngdékkeun karinjang.
“Heup baé atuh, urang dahar heula,”
walon nu séjén, tuluy nangtung bari babatek.
Maranéhna, lalaki tujuhan, tuluy diuk
ngariung batu lémpar, laju ngaluarkeun bekel daharna séwang-séwang. Sangu
keupeul dihuapkeun ku leungeun, digayem lalaunan. Bari balakécrakan, maranéhna ngawangkongkeun
lauk nu rék ditua.
“Loba lauk trout nu nyumput di walungan
ieu,” ceuk saurang.
Nu gigireunana,
nu kakara neureuy sangu keupeulna, nembalan: “Ceuk saha? Di dieu mah lolobana
lauk char jeung sabangsana…”
Kakara gé rék
ngahuap, salah saurang nempo rentang-rentang aya biksu dibaju bodas leumpang nanjak
ngadeukeutan.
“Ténjo, aya biksu,” pokna.
Nu séjén
ngarérét, nu saurang mah nepi ka murilitkeun beuheung.
Biksu nu
datang téh didudukuy bari
mamawa iteuk
awi. Pulas baju bodasna semu pias ku pulas héjo leuweung sabudeureun.
“Baroga
maksud naon andika téh, nepika jauh-jauh daratang ka ieu tempat?” tanya biksu, sanggeus
nepi ka hareupeun nu tujuhan.
“Rék nua,” walon jelema nu
pangheulana nempo biksu. Awakna dedeg, umurna pangorana di antara nu tujuhan.
“Nua? Ngabaruang
lauk?”
“Enya.”
“Rajapati! Ieuh,
nguseup mah bisa kénéh dihampura, sabab lauk boga pamilih pikeun nyantok eupan
atawa henteu. Tapi nua mah béda deui, sarua jeung maténi sakabéh mahluk teu
tuah teu dosa nu aya di walungan. Numpurkeun!”
Nu tujuhan
ukur silihrérét, taya nu lemék.
“Urang teu diwenangkeun
maténi papada,” ceuk biksu deui. “Hirup lauk teu béda jeung hirup andika. Inget,
sakum mahluk nu maténi mahluk séjénna tangtu bakal narima wawales. Teu meunang
maténi! Omat! Kuring lain jalma malangmang-mulungmung, kuring tara ngabohong
komo deui nyingsieunan deungeun.”
“Aya benerna
ogé…” gerendeng saurang di antara nu tujuhan, nyaéta nu beungeutna semu
beureum. Sirahna déngdék bangun ngaregepkeun omongan biksu.
“Enya. Jadi…
moal tulus nua téh?” ceuk nu janggotan.
“Urang badamikeun bari dahar baé,”
tembal nu tadi beuheungna murilit.
“Hayu atuh, hiap! Loba dahareun mah!”
ceuk nu beungeutna beureum, nawaran biksu bari nuduhkeun gundukan sangu
keupeul.
“Ari kitu mah kuring gé daék milu
ngasaan,” walon biksu bari tuluy ngagolérkeun iteukna.
Lalaki hareupeun biksu gagancangan
ngiser, méré tempat sangkan biksu bisa milu diuk ngariung batu lémpar. Lalaki
beungeut beureum ngasongkeun wadah sangu keupeulna.
“Nuhun,” biksu nyokot tilu keupeul
sangu, tuluy ngasupkeun sakeupeul kana bahamna, leg diteureuy, teu dicapek
heula.
Nu pangorana
nempokeun bari nyéréngéh, mapantes meureun biksu téh kacida laparna nepi dahar
gé teu digayem-gayem acan. Rét deui. Sangu keupeul kadua jeung katilu gé sarua
diteureuy buleud.
Sanggeus biksu
milu ngariung mah, nu tujuhan nuluykeun dahar. Kituna téh bari silihharewos papada
baturna, sangkan teu kadéngé ku biksu, ngabadamikeun urusan nua, mending
dituluykeun atawa entong?
“Mending
bedokeun baé,” harewos nu huntu hareupna punglak hiji. Manéhna diuk gigireun nu
pangorana.
“Lah, naha
diturut teuing,” nu pangorana malik ngaharewos.
“Biksu éta teu boga hak nitah atawa ngaulah-ulah.”
Sanggeus
sangu keupeul amrin, maranéhna muka karinjang dahareun, ngaluarkeun bubur jeung
dahareun lianna. Nu janggotan ngawilah-wilah dahareun dina tutup karijang,
tuluy ngaléos mipit daun kumazasa nu
rubak. Bubur téh sawaréh diteundeun dina daun, tuluy song ka hareupeun
biksu.
Biksu
ngadahar bubur. Nu pangorana, nu tatadi kataji ku cara dahar biksu, maling-maling
rérét nempokeun. Doléwak, biksu nyoélkeun ramona kana bubur, las bubur kana biwir,
tuluy sirah biksu ngadangheuak, ulag-ileug bangun nu hésé neureuy. Kitu jeung
kitu. Lila-lila mah bubur téh teu burung béak. Lalaki nu pangorana hookeun, saumur
hirup can kungsi nempo jelema dahar kitu peta.
Beres dahar,
maranéhna ngabring ka walungan, ngadon ngarinum. Sawaréh nginum ku cara dongko sisi walungan, tuluy
ngaletakan cai siga anjing. Biksu gé nuturkeun, tuluy ngadapang dina luhur
batu. Sabeulah leungeun nyekel dudukuy sangkan teu kabaseuhan, biksu téh tuluy nganclomkeun
bahamna kana cai, susuruputan bangun ni’mat.
“Jadi
kumaha?” ceuk nu beungeutna beureum bari ngabulen wadah daharna ku lawon.
“Kumaha
naonna? Tuluykeun nua!” tembal nu janggotan.
“Pan ceuk
biksu gé …” nu sejen mairan.
“Biksu mana
baé gé pasti nyaram maténi papada mahluk,” ceuk nu beungeutna rubak.
“Kana
kituna,” nu beungeutna semu beureum unggeuk.
Biksu datang
nyampeurkeun. Nu beungeutna rubak ngawaskeun bari pok ka nu janggotan, “Maenya
dibolaykeun mah, sakitu geus hésé capé tatadi.”
Biksu
nangtung hareupeun nu janggotan.
“Rék
dituluykeun nua téh?” tanya biksu.
“Can aya
kaputusan,” walon nu janggotan bari seuri jero haténa. “Tapi ieu téh geus
dirarancang ti anggalna kénéh, jaba ti subuh mula indit ti lembur…”
“Andika mah
bangun nu embung dihalang-halang,” walon biksu. “Ieu mah ngingetan, ulah
maténi. Boh sato atawa jalma, kabéh gé hayang hirup.”
“Kuring teu bisa mutuskeun
sosoranganan, kudu dibadamikeun heula. Mun ceuk nu séjén bolay, kuring moal
baha.”
“Ulah
maténi! Singsaha baé nu maténi tangtu narima wawales!” ceuk biksu deui.
“Kitu-kieu angger kudu badami
heula.”
“Ari kitu mah, kuring amit,” walon
biksu bari neuteup nu tujuhan. Sanggeus nganuhunkeun, biksu sakali deui nyarita,
“Kadé. Ulah mateni.”
Léos wé biksu téh, leumpang turun
lalaunan, asup ka jero leuweung. Nu tujuhan leungiteun matana nu bulao kolot, cahayaan.
“Biksu timana éta?” nu pangorana
ngagerendeng.
“Biksu jajaluk kawasna mah,” ceuk nu
janggotan. “Meureun pikeun manéhna mah, urang tujuhan téh sarua jumlahna jeung
jelema salembur.”
Sanggeus biksu leungit tina tetenjoan, nu
tujuhan ngariung deui.
“Sanajan maranéh bedo nua, kuring
mah rék tuluy,” putus
nu janggotan.
Ngadéngé kitu mah nu séjén jadi asa
kahatéan, kabéh sapuk pikeun ngalaksanakeun paniatan. Geus kitu mah tuluy
maranéhna ngalaan baju, muru wahangan bari mawa karinjang wadah tua, kecrik, wadah
lauk jeung sapuratina. Di wahangan, buleudan tua téh dialungkeun kana walungan,
jarak saméter atawa dua méter jauhna, antara tua hiji jeung séjénna. Geus kitu
maranéhna nungguan bari mencrong ngawaskeun walungan. Sapangududan lilana, koléang
aya lauk ngambang, beuteungna nampeu ka luhur, panjangna kira-kira 15 senti.
Lauk trout!
“Tah geuning!” ceuk saurang.
Lalaki nu mawa kecrik ngalungkeun
kecrikna. Lauk trout dibedol lalaunan. Teu lila ronghéap lauk minnow aya kana sapuluhna, tuluy dua
lauk pulas bulao pias. Koleang
sato panjang, awakna leutik, beuteungna semu koneng…
“Belut!
Meunang belut, euy!” nu pangorana surak, atoh.
Sanggeus meunang
salosin lauk char, salosin trout, jeung sajabana, maranéhna turun
mapay walungan. Tua téh sawaréh geus kabawa palid, orokaya di landeuh maranéhna
nimu lima atawa genep belut. Lung tua anyar. Teu lila, koleang genep nepi
tujuh lauk trout jeung char ngarambang.
Kitu jeung
kitu taya reureuhna. Di saban tempat, maranéhna ngalungkeun tua tuluy newakan
lauk nu ngarambang mabok baruang.
Mangsa
panonpoé turun, cahayana kahalangan ponclot gunung, maranéhna anjog ka leuwi.
“Tah, di
dieu loba lauk mah,” ceuk nu janggotan, nu tatadi purah ngalungkeun tua. Kituna téh
bari lung, lung, ngalungkeun tua ka leuwi, leuwih loba batan saméméhna. Dua
atawa tilu lauk char ngarongheap,
tuluy lauk trout.
“Leuwina
jero jeung lega. Moal sabaraha hasilna, geura,” ceuk nu beungeutna rubak.
Ngadéngé kitu, nu janggotan teu asa-asa ngalungkeun keupeulan tua leuwih loba.
Nu sejenna ngalelep-lelepkeun tua make régang, tuluy dipuih-puih di jero cai.
Hiji lauk char, sagede bitis,
ngaronghéap.
“Tuh
geuning! Gancang téwak!
Tewak!” maranéhna tingjorowok.
Nu mamawa
kecrik luluncatan dina batu, ngudag. Lung. Lauk badag nu méh kabawa palid téh
dikecrik. Béh ditu, tilu atawa opat lauk char
mucunghul. Atuh manéhna luluncatan deui, ka ditu-ka dieu taya reureuhna.
Keur kitu, dadak sakala langit ceudeum,
dangdaunan bangun nu ngarahuh, breg hujan gedé pisan. Leuwi nu caina bulao poék
téh ngurubuk, séah. Teu lila, pucunghul lauk char nu tonggongna bodas, awakna bulao kolot. Lauk téh badag kacida,
ampir sagedé jelema. Kocépak. Lauk char
mabok tua, tuluy nangkarak bengkang. Beuteungna gugurilapan bodas.
Hujan
mingkin ngagedéan. Leuweung moékan.
Di lembur, lauk
char raksasa téh ukur cenah, béja
pabéja-béja, ayeuna bukti ayana. Sanggeus dikecrik, lauk téh diukur panjangna ti
hulu nepi ka buntut. Panjangna 150 senti leuwih! Badag kacida!
Asang lauk char raksasa tuluy dicolok ku tangkal wisteria, duaan kabagean mundak, tuluy
maranéhna ngaleut mulang ka lembur, suka bungah. Di jalan, salah saurang méré kamandang
sangkan ngareuah-reuah hasil mucekil poe éta ku cara murak lauk raksasa
babarengan éngke peuting. Kabéh satuju.
Peutingna,
maranéhna ngumpul di hiji imah. Nu janggotan mah ngahaja mawa péso panjang tur
seukeut pikeun ngarecah lauk.
“Mun seug urang nurut kana papagah
biksu, urang moal ngariung lauk pungkil ieu!” pokna bari gérésél meulah beuteung
lauk ku pésona.
Nu pangorana ngahurungkeun obor,
tuluy nangtung nyaangan nu keur ngaberesihan lauk. Nu janggotan ngasupkeun
leungeunna kana jero beuteung lauk, lalaunan ngabedol jeroan. Burial.
Gorolong. Aya nu milu ngagulutuk: tilu keupeul sangu nu ku maranéhna
disuguhkeun ka biksu.
Nu janggotan ngocéak. Kelepek.
***
BIOGRAFI PANGARANG
Tanaka Kotaro (1880-1941), prosais, éséis, mangrupakeun salah
sahiji pangarang asal Jepang nu mindeng narjamahkeun karya-karya sastra Cina.
Kungsi jadi guru jeung wartawan, Kotaro kawentar lantaran nulis ratusan kaidan (carita misteri nu dicokot tina legénda tradisional) nu matak hélok jeung pikasieuneun.
Kumpulan kaidan-na dibukukeun dina
sababaraha jilid, upamana “Kaidan Zéns” (Kumpulan Carita Jurig, 1928) jeung “Shina Kaidan Zénsu” (Koleksi Carita Jurig Cina, 1931). Lian ti éta, inyana nulis novél jeung buku biografi ogé. Taun 1940, Tanaka Kotaro dileler Kikuci
Kan Prize, pangajén sastra nu husus dipasrahkeun
ka pangarang sénior nu umurna leuwih ti 45 taun.
“Nua” ditarjamahkeun tina carita
pondok Tanaka Kotaro nu judul aslina “Iwana
No Kai”, dicokot tina koléksi perpustakaan digital Aozora Bunko,
ditarjamahkeun kana basa Inggris ku Edward Lipsétt, ditarjamahkeun kana
basa Sunda ku E.D. Jénura.
Post a Comment