Nu Sengit 4

  Dina hidji mangsa poe Minggoe Kangdjeng Dalem Serang, ngersakeun matjangkrama ka Poelo-Pandjang diiring koe para menak-menak, rek ngadon toeang soekan-soekan, meureun sakalian bari ngaronda deui. Loengsoerna ti Karangantoe nitihan parahoe gede. Breg bae djadi saparahoe. Barang geus kaloear ti moeara, tepi ka tengah laoet, paeheun angin. Atoeh parahoe anoe tadi sakitoe njoeroewoekna teh, ajeuna mah lajarna ngoelapes, loenggak-linggek bae di tengah laoet. Ari dihaben dibaroseh, atoeh da lain bosehboseheun ari parahoe sakitoe gedena mah, kalah beuki oengked-oengkedan, madjoe mah henteu. Teu kira-kira bae matak kaloemanna, toeroeg-toeroeg anoe teu biasa mah rea anoe ngadadak mabok deui, da asa kakotjlok-kotjlok koe ombak.

                Kangdjeng Dalem oge henteu marahmaj pameunteuna, ladjeng ngadawoeh ka Djoeroe-moedi: “Koemaha, ieu teh Djoeroe-moedi, arek ngadon ditimang ombak bae. Tjing ngaloearkeun tarekah kadinjah, oelah matak kaloeman teuing kieu!”

                Djoeroe-moedi anoe keur hoelang-hoeleng mikiran angin, mani ngarendjag ngadenge dawoehan Kangdjeng Dalem teh. Pok oendjoekan: “Soemoehoen dawoeh, manawi moal lami deni oge tiasa madjeng.”

                Dawoehan Kangdjeng Dalem: “Heueuh soekoer atoeh ari moal lila deui mah. Tapi tjing euj tamba kesel, sabot ngadagoan datangna angin, njarita-njarita ka dinja anoe rame. Boga lalakon naon silaing anoe model?”


                Walon Djoeroe-moedi: “Njanggakenn bebendoe wae, abdi dalem mah lapoer pisan teu gadoeh tjarios anoe aneh-aneh.”

                Anoe tjalik deukeut ka Djoeroe-moedi, Djoeragan Djaksa. Mgadangoe pioendjoek Djoeroe-moedi kitoe, Djoeragan Djaksa ngadilak bari malik ka Djoeroe-moedi, sasaoeranana sengit naker, saoerna: “Si Ompong, ditimbalan koe menak make moemoel. Pok-pok bae kadinjah  njarita-njarita bae mah, pilakadar njarita. leu mah make dadakoe teu boga noe aneh sagala roepa. Noeroestoendjoeng ka dawoekna!”

                Djoeroe-moedi seuri-koneng, isin koe Kangdjëng Dalëm, ngenes koe noe ngesek-ngesekkeun. Toengtoengna pok oendjoekan deui: “Soemoehoen dawoeh, ari dongeng goanggoang bae mah, nja gadoeh bae abdi dalem oge; nanging ngaraos rada isin ari ditjarioskeun ka Pangagoeng mah.”

“Tjing pok, na make isin, dongeng naon? Dewek hajang ngadengekeun!” dawoehan Kangdjeng Dalem.

                Kieu ari dongengna mah:

                Djaman baheula dina poentjakna G. Karang aja monjet mandah, parantos teu kinten kolotna, parantos tawehwoh. Siang wengi tjindoekdoek bae dina dahan kiara, teu petotpetot neneda ka dewa, koe hajang ngarandapan heula hiroep djadi djelema.

                Tina mantengna karep monjet mandah teh koe dewa dikaboel. Manehna kenging ilapat kedah njoehoenkeun pitoeloeng ka Sang Pandita anoe keur tatapa di G. Pajoeng.

                Enggalna monjet mandah teh mios ka G. Pajoeng, ngadeuheus ka Sanghiang Pandita. Barang dongkap ka pangtapaan, koe Sanghijang Pandita dipariksa: “Aeh koetan aja Ki Monjet mandah. Rek naon Ki Mandah teh tara-tara ti sasari datang ka dieu?”

                Pioendjoek monjet mandah: “Beu Sanghijang Pandita, anoe mawi ngadeuheusan, abdi teh bade gadoeh panoehoen. Wireh parantos sakieu nja kakolotan, koe hajang ngarasaan djadi djelema heula memeh maot teh. Abdi teh teu kinten kabitana ari ningal djelema teh, nja tegep nja kewes, nja kawasa deui, henteu hina sapertos koenjoek. Koe margi eta abdi teh bade njoehoenkeun djiad karamat Sanghijang Pandita soepados tiasa djadi djelema.”

                Dawoehan Sang Pandita: “Euh kitoe, karep Ki Mandah teh. Heug, paneda andika koe Dewa noe kawasa dimakboel, baris bisa djadi djelema. Oentoeng deui, djadi djelema oge, lain djelema djore-djore, andika teh bakal djadi djaksa nagara. Koemaha sanggoep?”

                Monjet mandah teh ngahoeleng, melengek sadjongdjongan henteu tiasa ngawangsoel.

                Manehna ngomong dina djero atina: “Djadi djaksa? Naha bet soelaja teuing djeung kahajang; da ari kahajang aing mah moen djadi djelema teh, hajang djadi paninggaran. Ari ieu bet bakal djadi djaksa. Ka mana milik goreng-goreng teuing!”

                Koe Sang Pandita dipariksa deui: “Koemaha daek Ki Mandah, andika rek didjadikeun djaksa teh!”

                Monjet mandah balaka oendjoekan ka Pandita, pokna: “Beu Sanghiang Pandita, moegi oelah djadi bendoe galih, panoenoehoen bae abdi mah teu sanggem ari bade didamel djaksa mah.”

                Sang Pandita ngarandjoeg, bari mariksa deui: “Naha koe naon, make teu sanggoep? Asa aneh temen.”

                Pioendjoek Ki mandah: “Soemoehoen, narah bae ari kana bade didamël djaksa mah, eta sieun langkoeng abot siksaanana manan djadi mandah monjet. Margi abdi sering ngoeping oerang desa marantjahan tangkal peuteuj anoe teu daek boeahan, sanggemna: “Hag sia, lamoen teu boeahan taoen ieu, ditoear sia koe aing, deuk dipake keteb djaksa.” Tah eta teh tangkal peuteuj oge sieuneun, wartosna sok ladjeng bae boeahan…

                Kangdjeng Dalem mani ngagakgak goemoedjeng, dawoehanana: “Teu woedoe euj, kasoertian teh bisa moelangkeun kasengitan.”

                Ari saoer Djoeragan Djaksa ka Djoeroe-moedi: “Heueuh ompong, djaksana oge bisi teu njaho eta mah djaksa baheula, lain djaksa djaman ajeuna.”

 

Dicutat tina Gandasari 

karangan R. Rg. SastraatmadjaM. Soemawidjaja, jeung Soeria di Radja, 1933.

No comments

Powered by Blogger.