Gawena Basa Soenda 2

 Ajeuna koela rèk njarita naon sababna noe matak oerang Walanda, noe tjitjing di tanah Prijangan perloe katjida koedoe bisa ngomong basa priboemi.

Enja, di mana-mana ogè bisa makè basa Malajoe, tapi èta teu tjoekoep pikeun nerangkeun sagala perkara. Basa Malajoe anoe sok dipakè koe oerang Walanda teu pati loba ketjapna, djeungna deui oerang Soenda tjarang anoe pinter ngomong basa èta; aja ogè noe njaho tapi ngan saeutik baè.

Koe sabab èta, oepama rèk marèntah naon-naon ka koeli atawa ka boedjang, salawasna 'koerang ketjapna. Marèntah bisa, tapi nerangkeun pagawèan, djeung nerangkeun sababna noe matak èta pagawèan koedoe kitoe atawa kijeu, hèsè.

Saperti: Aja peti dieusi botol atawa wawadahan anoe teu meunang tamplok. Oepama dèk nitah ka koeli jèn èta peti koedoe dipanggoel, koedoe ati-ati, oelah dèngdèk, oelah tibalik djeung oelah tidagor kana naon-naon, toer dèk diterangkeun naon sababna noe matak koedoe kitoe, mo gagal hèsè nerangkeun èta kabèh koe basa Malajoe woengkoel. Djeung deui, lamoen noe nitah woengkoel pinter ngomong Malajoe baè, tapi koelina ngan harti sawarèh, djadi tjoemah baè. Leuwih hadè diadjar basa priboemi, soepaja bisa marèntah, soepaja oelah diseungseurikeun, kitoe deui soepaja mowal datang ka dibobodo koe noe sahandapeun.

Ngunjal batu-bara kana kapal.

Perloena Makè Boekoe

Lamoen aja oerang Walanda anoe rèk diadjar basa Soenda, pikiranana sok kijeu: Ah, keur naon hèsè tjapè, da mowal matak soesah, oepama oenggal powè tjampoer djeung mowal lila ogè tangtoe bisa. Ari makè boekoe tjoemah baè, sabab basa boekoe tèh gedè bèdana djeung basa noe dipakè sapopowè. Kitoe baè omongan oerang Walanda noe loba. Tapi èta pikiran noe kitoe salah pisan, sabab oerang kampoeng, noe teu bisa matja, teu bisa noelis, tangtoe teu bisaeun ngadjarkeun atoeran basa ka bangsa sèdjèn. Tapi lain oerang Soenda woengkoel noe kitoe tèh; geuning di nagara Walanda ogè sok aja noe teu sakola, datang ka tetep bodo baè saoemoerna. Naha djalma noe kitoe tèh bisa ngadjarkeun basa Walanda ka bangsa sèdjèn? Rasa koela mah mowal bisa nerangkeun saketjap-ketjap atjan. Naha oerang Soenda noe teu boga pangadjaran lain nja kitoe kènèh ?

Kitoe deui di antara oerang Soenda ogè loba noe geus djadi goeroe. Kapinteranana mah tjoekoep baè pikeun ngadjarkeun sagala noe perloe ka baroedak oërang kampoeng, tapi lamoen rèk ngadjarkeun basa Soenda ka oerang Walanda henteu barisaeun. Tah ! Goeroe-goeroe geus teu bisaeun, komo oerang kampoeng mah atawa koeli-koeli, moestahil. Koe sabab èta, lamoen oerang Walanda hajang diadjar basa Soenda djeung lamoen teu aja goeroe oerang Walanda noe bisa nerangkeun sagala noe koerang terang, perloe katjida koedoe makè boekoe. Tapi lamoen rèk meuli boekoe pangadjaran, koedoe milih noe hadè, sabab lamoen meuli noe gorèng mah, djadi saroewa baè djeung mitjeun doewit. Montong meuli sagala noe kapanggih baè, leuwih hadè nanjakeun heula ka noe geus pinter ngomong Soenda, karana loba boekoe pangadjaran, tapi noe hadè mah tjarang. Loba pisan djalina noe ngarang boekoe, tapi maksoedna lain njijeun boekoe noe bener, ngan ngarah doewit baè sarta hadè-gorèngna èta boekoe henteu dipikir. Asal loba noe mareuli baè noe diarah tèh. 

Goegon Toehon Oerang Soenda

Oepama oerang boga nijat rèk diadjar basa Soenda, lain koedoe mikir kana omongan djalmana woengkoel, tapi koedoe ogè njaho saeutik kana adatna. Koe sabab èta koela rèk njaritakeun sagala noe rada anèh, soepaja moerid-moerid mangkè bisa njaho pisan ka oerang (tanah) Prijangan, nja èta bangsa, noe boga adat djeung basa anoe sakitoe ahèngna.

Oerang priboemi, anoe tjitjing di tanah Prijangan, kolotboedak, kabèh pertjaja kana hidji perkara, nja èta: "Djin.”

Djin tèh aja roepa-roepa tjèna: Aja noe diseboet iprit, sètan, ririwa atawa djoerig. Ari panglobana nja èta djoerig. Djoerig tèh bisa ngaroepakeun manèh sagala sasatoan atawa roepa manoesa.

Koe sabab djalma noe teu loba pangadjaranana sok pertjajaan ka noe kitoe, èta tjarita djoerig sok mindeng dipakè njingsijeunan manèh, malah anoe geus kolot ogè sok sijeuneun kènèh baè, teu wanieun kaloewar ti peuting, da sijeun dirontok atawa diteungteuinganan koe djoerig tèja. Kitoe deui sagala sora anoe kadèngè ti peuting samaroekna sora djoerig baè. Dina waloengan atawa deukeut pantjoeran sakapeung sok aja tempat noe disampeurkeun koe djoerig ti peuting, lamoen rèk njeuseuh papakèanana. Malah sora ngagebot seuseuhan tèh kadèngè ti kadjaoehan, tapi ari disampeurkeun koe manoesa mah les baè leungit.

Kitoe baè tjaritana oerang Soenda tèh, tapi saenjana mah euweuh noe wanieun njampeurkeun tempat noe kitoe, djadi teu aja noe njaho pisan enja-henteuna ajana èta djoerig tèh.

Oepama oerang nanja ka noe njarita atawa ngomongkeun hal èta perkara: "Naha sampèjan tèh geus mireungeuh èta djoerig?” tèmbalna geus tangtoe: "Teu atjan, ngadèngè sotèh ti kolot.” Tapi sanadjan teu atjan nèndjo ogè, pertjajaeun baè.


Dicutat tina Leercursus voor Zelfonderricht Inde Soendaneesche Taal

karya L. Borst jeung L. A. Lezer1918.  

No comments

Powered by Blogger.